Sabtu, 25 Maret 2023

nadhoman Rosul buat anak anak pengajian

 

NABI URANG SAREREA


1

Nabi urang  saréréa,

Kangjeng Nabi anu mulya,

Muhammad jenenganana,

Arab Kurés nya bangsana.

2

Ramana Gusti Abdullah,

Ibuna Siti Aminah,

dibabarkeunna di Mekah,

wengi Senén taun Gajah.

3

Robiul awal bulanna,

tanggal ka-dua belasna,

April bulan maséhina,

tanggal kadua-puluhna.

4

Ari bilangan taunna,

lima ratus cariosna,

tujuh puluh panambihna,

sareng sahiji punjulna.

5

Siti Aminah misaur,

waktos babarna kacatur,

ningal cahaya mani ngempur,

di bumina hurung mancur.

6

Parangina Kangjeng Nabi,

jatnika pinuh ku puji,

pinter tur gedé kawani,

sabar nyaah ka sasami.

7

Keur opat taun yuswana,

diberesihan manahna,

nabi dibeulah dadana,

malaikat nu meulahna.

8

Jibril kadua réncangna

Mikail jenenganana,

ngeusikeun kana manahna,

elmu hikmah sapinuhna.

9

Tuluy dada Kanjeng Nabi,

gancang dirapetkeun deui,

sarta teu ngaraos nyeri,

dicap ku Hotami Nabi.

10

Rama Nabi kacaturkeun

pupusna kacarioskeun

basa Nabi dibobotkeun

dua sasih kaunggelkeun

11

Kagenep taun yuswana

ditilar pupus ibuna

Nabi dirorok eyangna

Abdul Mutalib asmana

12

Kersana Rabbul’alamin

Kangjeng Nabi nu prihatin

yuswa dalapan taun yakin

éyangna mulih ka batin

13

Sabada wapat éyangna

Nabi dirawat pamanna

Abi Talib kakasihna

sadérék teges ramana

14

Kangjéng Nabi sering pisan

dicandak ka Nagara Sam

sok nyandak barang dagangan

di dinya téh pajeng pisan

15

Kacatur di éta nagri

loba pandita Yahudi

sareng pandita Nasrani

nu tepang jeung Kangjeng Nabi

16

Sadayana sasauran

ieu jalmi mo nyalahan

pinabieun ahir jaman

Torét, Injil, geus ngiberan

17

Sipat Nabi panganggeusan

aya di anjeunna pisan

harita loba nu iman

ka Nabi ngangken panutan

18

Karesepna Kangjeng Nabi

ka Gusti Allah ngabakti

di Gunung Hira maranti,

ibadahna saban wengi.

19

Di dinya jol kasumpingan,

Jibril nu nurunkeun Kur’an,

kalawan dawuh Pangéran,

Nabi didamel utusan.

20

Harita yuswana Nabi,

patpuluh taun kawarti,

diutus ku Allah pasti,

ngémbarkeun agama suci.

21

Anu iman pangheulana,

Siti Khodijah garwana,

Abu Bakar kaduana

sohabat nu pangmulyana

22

Murangkalih nu nonoman,

anu pangheulana iman,

Sayidina Ali pisan,

ka Nabi sadérék misan.

23

Jeung ari jalma beulian,

anu pangheulana iman,

Sayid Bilal kaleresan,

anu jadi tukang adan.

24

Ari lolobana pisan

ka Nabi téh ngamusuhan,

nganiaya ngajailan,

teu aya pisan ras-rasan.

25

Nuju tanggal tujuh likur,

bulan Rajab nu kacatur,

runut kaol nu kamashur

Kangjeng Nabi téh disaur.

26

Dipapag ku malaikat,

nyandak burok nu kasebat,

leumpangna téh cara kilat,

tutunggangan Nabi angkat.

27

Ti Mekah ka Baitul Maqdis,

teu lami-lami antawis,

ku jalmi henteu katawis,

Kersana Gusti nu Wacis.

28

Ti Baétul Makdis terasna,

naék tangga saterusna,

mi’raj téa kasebatna,

ka langit Nabi sumpingna.

29

Tujuh langit sadayana,

sareng aras pangluhurna,

disumpingan sadayana,

katut surga-narakana.

30

Kangjeng Nabi ditimbalan,

ku Gusti Nu Sipat Rahman,

anjeunna kudu netepan,

solat muji ka Pangéran.

31

Sadayana jalmi iman,

sami gaduh kawajiban,

solat nu lima giliran,

henteu meunang dikurangan.

32

Solat éta minangkana,

dina agama tihangna,

jalmi nu luput solatna,

nyata rubuh agamana.

33

Kapir Mekah kacaturkeun,

barang Nabi nyarioskeun,

mi’raj lain dimulyakan,

anggur pada nyeungseurikeun.

34

Pada hasud ngakalakeun,

ti dinya Allah ngersakeun,

Kangjeng Nabi dialihkeun,

ka Madinah disirnakeun.

35

Para sohabat pirang-pirang,

nu buméla milu iang,

milu ngalih saabrulan,

henteu pisan sumoréang.

36

Tambih kamulyaan nabi,

di madinah asal sepi,

jadi ramé ku nu ngaji,

muji ka Nu Maha Suci.

37

Sapuluh taun lamina,

di Madinah jumenengna,

agama Islam cahyana,

gumebyar ka mana-mana.

38

Ari mungguh Kangjeng Nabi,

nyaahna langkung ti misti,

ka umatna jaler istri,

leuwih ti sepuh pribadi.

39

Welas asih ka nu miskin,

sumawon ka budak yatim,

pada seubeuh ku paparin,

kadaharan jeung pisalin.

40

Akurna ka urang kampung,

calik satata ngariung,

tara angkuh jeung adigung,

sanajan ka urang gunung.


RUNDAYAN NABI

Wajib ka jalma islamna
uninga rundayanana
jeung nabi utusan Allah
Muhamad putra Abdullah

Abdullah putra Mutholib

Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf
Abni Manaf putra Qushoy

Qushoy putrana Kilab

Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka’ab
Ka’ab putrana Lu’ay

Lu’ay putrana Gholib

Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadhor

Nadhor putra Kinanah

Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Mudhor

Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma’ad
Ma’ad putrana ‘Adnan

Nu wajib dugi ka ‘Adnan

Haram nguningakeunana
ti ‘Adnan dugika ka Adam
Saba taya jalan shoheh

Wajib deui uningana

Rundayana ti Ibuna
jeung Nabi utusan Allah
Muhamad putra Aminah

Aminah putrana Wahab

Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab

tepang deui ti ramana

ti Kilab janggawarengna
jadi ibu jeung ramana
masih keneh sarundayan